14 Desember 2005...10:16:39

Kersen

Lompat ke Komentar

Keur kotretan nu munggaran ieu, sakolebat kuring inget kana buah kersen.

Naha bet kersen?
Ah, duka teuing, anging Gusti Nu Uninga.

Nyorang balik ka taun dalapan puluhan, mangsa umur welasan taun. Harita kuring masih sakola di esde keneh, calana beureum baju bodas, tuur tapak borok jeung bitis hurik tapak digaro.

Harita -rarasaan- sigana moal aya budak lalaki saumuran kuring nu teu nyaho anu kumaha nu ngarana buah kersen. Teungteuingeun we mun teu nyaho teh.

Ari kersen, buahna teh buleud siga leunca, ngan leuwih gede saeutik. Keur atah keneh mah warnana hejo, rasana kesed. Nu rada asak, warnana koneng semu beureum. Tah, mun geus asak, warnana beureum. Komo mun kasorot ku panon poe, herang tur euceuy. Lain bohong lamun kuring nyebutkeun yen mun aya kersen asak, najan ayana di tungtung dahan, da teu weleh diakalan ku barudak mah. Komo mun gede tur nyengceling. Masya Allah, lir ibarat hipnotis!

Di daerah kuring, tangkal kersen anu kawentar di sakumna barudak leutik dipiboga ku si Eeng (Hendra, almarhum). Salian ti si Eeng-na anu katelah jago maen kaleci, eta tangkal kersenna teh ayana di sisi jalan aspal (ayeuna mah istilahna trotoar), jadi gampang kasampeur. Tungtungna mah, sasaha ge teu bireuk deui kana tangkal kersen si Eeng teh.

Ilaharna barudak, kana ulin teh siga ibadah wae. Malah -meureun- fardu ain. Da geuning, ti saprak bubar sakola nepi ka rek dur bedug Magrib, parat we waktu teh dipake ulin. Jeung lain ngan saukur dua tilu urang, kabeh malah.

Tah, salah sahiji anu remen kalampah teh nyaeta ngala kersen si Eeng. Sing saha nu pangheulana datang, eta nu pangheulana meunang posisi nu pangngeunaheunnana. Anu kumaha? Anu dahan keur tincakeun jeung cekeleunnana cukup badag, leubeut buahna, jeung luhureun kenteng. Jadi, mun murag ge, moal direbut batur.

Dasar atuh barudak, hampuraeun balerea, siga nu teu baroga cedo. Demi posisi eta, sagala ge halal. Teu paduli harita aya Ceu Ijah (emana Eeng) keur sasapu, atawa Kang Entah (bapana Eeng) keur ngadaweung, keukeuh we barudak mah ribut ting terekel. Sakapeung mah sok digeunggeureuhkeun, tapi nya kitu tea, carek kolot mah da carek nyaah, lain rek bener-bener ngaulahkeun. Jadi, teu ngaruh. Naha ieu gara-gara barudak teh geus ngarti yen carek eta mah ngan saukur kanyaah? Teuing batur mah, ngan -rarasaan- kuring mah enggeus. :P

Pernah ngasaan kersen nu lian?
Aya kana dua bulan sakali, barudak indit ka Cikaret. Pasna mah, ka kuburan muslim Sirnalaya Cikaret. Di dinya, barudak dibageakeun ku welasan tangkal kersen nu (jigana) dipelak keur ngiuhan kuburan. Keur mah tangkalna loba tur parendek, buahna ge leubeut jeung euweuh nu ngala. Asana teh babari pisan kantong calana pinuh. Wah, pokona mah cetek.

Ngan hiji hanjakalna. Najan kersenna gede tur euceuy, tapi rasana teu saamis kersen si Eeng. Teuing ku naon. Pedah di kuburan kitu? Ceuk heureuy barudak mah, pedah akarna asup kana kuburan. Hiy.

Ku sabab teu amisna eta, kersen anu meunang ngala ti dinya mah tara disumput-sumput. Malah sok dimomonyah, dibagikeun ka balarea. Da lain sa-kersen-kersen-na geuing anu matak nyieun bungah teh, tapi sajeroning ngala-na eta. Ti mimiti silih sampeur, terus babarengan leleumpang motong jalan nembus kampung batur, ngaliwatan jeung sakaligus nyirian sawah, susukan jeung empang batur keur engke diuseupan, jeung galecokna dongeng barudak salila leumpang. Duh, matak waas.

Mang taun-taun eta lalakon teh kalampah, nepi ka mangsa kuring asup esempe. Mimiti karasa teu cukup waktu jang kikituan teh. Lalaunan, kabiasaan teh rubah, jadi ngan saukur ngaliwat bari ngelieuk ka luhur neangan nu asak ku juru panon.

Hiji poe, pamarentah boga gawe rek ngalebaran jalan jeung masang trotoar. Cenah tangkal kersen eta keuna, kudu dituar.

Kuring jeung barudak ngariung, nyakseni tangkal eta ditutuh, terus dituar nepi ka rengse. Sanyangsayana eta tangkal, aya nu nyangsaya oge dina pikiran: ting terekel-na barudak leutik muru kersen anu asak.

Duh, pileuleuyan tangkal kersen.

& Komentar

  • aduhhh ieu kang tatang teh tos sepuh geuningan
    da taun dalapan puluhan mah umur simkuring can belasan kitu :D , tp da sayah oge pernah ngalaman jadi budak leutik nu pa boro-boro parebut kersen asak, trus saruana eta tangkal kersen teh di hareupeun imah batur pula !!

    Pokokna bener pisan rarasaan nu ngarana kersen mah nilai na teh lain saukur buah leutik tu rasana rada keset, tapi leuwih pisan ti eta

  • jadi inget keur leutik kang, ka buruan batur neang kersen, mun teu ka kebon batur maok sampeu :D kabayang eta dosa na maok. tapi ayeuna mah sieun dek puak paok teh, inget dosa :(

  • Haha… Janten emut oge kang, salian ti buah kersen, abdi ngalaman maok buah huni (panginten akang ge terang nu sok dirujak), eta nu gaduhna nyanyandak parang nyingsieunan dugikeun barudak sadayana ngabecir kalebet abdi kekekk….

  • kang Tatang…..kang tatang…..meni sunda pisan euy bahasana.
    Ngomongkeun buah kersen abi janten inget zaman SMA. bade neliti kersen sareng rerencangan malah teu janten… padahal tos meser bakteri deuih. tungtungna mah bakterina teh pararaeh weh….duh watir tuh balad abi geus inna lillahi wainna ilaihi rajiun…..


Tinggalkan Balasan