14 Desember 2005...07:57:20

Prak, geura mimitian…

Lompat ke Komentar

Assalamualaikum wr. wb.

Kumaha damang, Ki Sunda sadulur-dulur?

Dina mangsa nu munggaran ieu, kuring ngahaturkeun nuhun, Ki Sunda ngersakeun sindang ka ieu situs, anu cenah mah kasebutna weblog. Tapi kuring mah leuwih cop ngabasakeunna kutrat-kotret pangedulan dina internet.

Beu, nanaonan atuh ari ngan saukur kikituan mah?
Ah, euweuh nanaon-na, lain oge rek ngamumule. Pedah ieu mah aya urang Sunda nu hayang baceo make basa buhun: basa Sunda nu kakoncara tea.

Nanging, samemeh ngacapruk kaditu kadieu, hampura lur, tong miharep carita anu rame tur panjang jiga Andi Si Jago Tutugan, atawa Tangkorak Hideung. Ieu mah ngan saukur noroweco teu puguh, saukur ngabahekeun nu sing tinggerendeng dina sirah. Pek bae rek disebut bahe carek ge.

Insya Allah, naon nu rek dipidangkeun estu bener-bener kaalaman, boh ku sim kuring, atawa ku Ki Sunda lainnya.

Wassalamualaikum wr. wb.

& Komentar

  • anjir.. bhs sunda :P bet naha, aya lemes aya teu? :D

  • Assalamualaikum Wr. Wb.
    Kumaha damang? Duh, janten emut ka pamadegan sim kuring ti payun, mung sakedar hoyong kutrat-kotret bari satiasa-tiasa teu mopoho kana bahasa buhun urang. Akang mah sae atuh kotretanana oge, komo nu abdi mah masih keneh pabaliut sareng ngacapruk kamana-mendi :-D Mangga bilih kersa rurumpaheun mah didieu gera tingal http://indrapermana.co.cc
    Tong diseungseurikeunnya kang :-D


Tinggalkan Balasan